Wates Impiani

Ngudag-ngudag impian, nu nyumput na buntelan kantong keresek nu geus rawing. Harepan ngan kari renghap, silih teuteup jeung mang rewu-rewu runtah nu ngahunyud. Aya nu nyeuit, meset hate, basa leungeun di paksa silih jewang jeung laleur hejo. Warna langit nu mayung luhureun sirah, masih bulao pias. Panon poe monoyot, nyorot, nyaatkeun sesa cimata nu ngan kari kerakna. Kakait beusi, anteng ucas-acos, mindah-mindahkeun getih kahirupan, kana talombong nu nangkod luhureun tonggong. Tanggah ka luhur, nuuskeun kesang, ku puhu leungeun, langit teu ieuh bisa ngaharewoskeun wates mangsa panasiban. “ Kawaluyaan !, dimana anjeun ayana !?”. Koceak ngan ukur dijawab simpe. Rewuan laleur hejo, nyakakak, laju tingrarenyoh, tutunjuk la lebah gawir, mere iber, ngeunaan tempat panungtung, pikeun kuring jeung maranehna, namatkeun umur.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Apoedy Sarah Ihsan: teu acan mun aya bencana samodel di leuwi gajah kapungkur.. hiks.. kakubur jeung laleur hejo... hiks..
  2. Godi Suwarna: :"Eduuun, Mang Yan...! Dunya runtah digarap ku basa nu puitis. Ngawirahma. Murwakanti. Peurih tapi endah. Mongkleng tapi katumbirian. Najan temana biasa, digarap daria naker, janten aheng yeuh fikmin teh. Sigana, meuyeumna langkung ti saminggu ieu mah. ASoooy geboooy, Maang Yaaan...!" cekeng bari ngalenggak.
  3. Nana Sukmana: Wah, wah, awah... ruar biasa. Upami cau mah ngalana parantos manték lajeng meuyeumna tilu dinten tilu wengi, diempos dina jugang, sanés diunun. Walah pedo. Amis naker asakna téh. Runtaha memang fénoména anu matak ngabéngbat. Aya geuleuh, aya peueut. Aya masalah, aya emas! Sip. Ang! Dua jempol tah!
  4. Riyono Afdfvm: RUAAAARRRR BIASA
  5. Irman Dimyatie: Jempol, Ang!
  6. Bunda Langit: Duh, naha kunaon etateh ceritana Rda aral panginteñnya,,,?
  7. Ahmad Yani: @Apoedy Sarah Ihsan : Potret hirup, nu teu ieuh tiasa napel na cepil papayung nagri. Sorana mung saukur aweuhan, nu direret ku juru panon ! heu heu heu !
  8. Ahmad Yani: @Kang Godi Suwarna : Nuju di ajar, ngungkab potret nasib kaum marhaen, nu tos lami kaluli-luli. Pamohalan mun dugi katiasa nyait nasib aranjeunnamah, heu heu heu !, Etang-etang tawis kadeudeuh we, ka aranjeunna nu waktosna tidetik-kadetik terus kokoreh, ngadu renghap jeung bangbauan !!!! heu heu heu ... Hatur nuhun Ang Perbu kana apresiasina !
  9. Rudi Riadi: Hal nu ceuk saliwatan mah karasa 'rujit' model laleur hejo, runtah, keresek rawing, janten endah ku 'panangan' kang Ahmad Yani mah. Hatur nuhun, Kang. Raos pisan.
  10. Ahmad Yani: @Kang Nana Sukmana : Kamari sonten, pirajeunan ngulampreng sareng si Bungsu, Ka wewengkon Cireundeu. Nyerangkeun ti katebihan,gunung runtah nu muncugug, di tapuk ku puluhan jalmi nu kokoer bari ngagandong carangka. Heu heu heu... matak ketir ningan Ang ! Emh ! ( Hatur sewu nuhun kana apresiana Ang Nana ! )
  11. Ahmad Yani: @Riyono : Leres pisan RUARRR BIASA ... perjuangan aranjeuna , nu urat sabarna tetep nganteng, teu ieh pegat, ku cocoba nu teu kinten abotna !!!
  12. Ahmad Yani: @Kang Irman Dimyati : Katampi pisan Jempolna !, punten neda widi bade di siksik, di goreng, kangge rencang sangu, dinten ayeuna ! ha ha ha ha ha !!
  13. Ahmad Yani: @Bunda Langit : Aral nu tos taya soraan manawi teh ! heu heu heu !
  14. Ahmad Fawzy Imron: edass kang...jempol nu aya di rorompok, nyanggakeun sadayana..
  15. Ahmad Yani: @Ang Rudi Riadi : Hatur nuhun Ang Rudi Riadi .. heu heu !, manawi teu aya nu langkung sae, nu tiasa kasanggakeun ka Gamparan !, he he ... hatur lumayan wae nun ... Tumis Keresek, sareng Urab Runtah, manawi tiasa janten vitamin kangge nambihan jero rasa syukur urang ka Mantennna !!
  16. Ahmad Yani: @Kang Ahmad Fawzy Imron : Edasssss , ari si Kakang, bet luluasan, sadayana di kintunkeun ka sim kuring ! heu heu heu. Teu sawios-wios kitu nu aya di Bumi ? he he he !! Nuhun Ang !
  17. Iwan Hanjuang: diduakeun sing tepi ka lempa-lempi lempong,, he he he
  18. M Dada Bz: Laleur teh salahsahiji sasatoan anu resep kana rupaning babauan, kaasup bau bangke. ngan maenhna teu bisa ngicip-ngicip bangke manusa anu rasana pedo suredo -ceuk bangsa manehna- sabab ayana di alam kubur.Laleur apal tibilatung tempat anu panungtungna manusa teh saheuaanan aya di jero kubur....... hehehe. Hade ANg Ahmad Yani. puitis panginten anu kitu teh nya?
  19. Ahmad Yani: @Kang Iwan Hanjuang : Heu heu heu ...Jalan ka Batawi na, masih tarahal, teu acang ngemplong !, rupina mung saukur dina impenan tiasa ngadu pipi sareng para inohong teh !! ha ha ha ha ha !!
  20. Ely Nurtini: inalillahi.....
  21. Dadi Arya: Ngeclak cisoca yeuh Kang...rus ras kana rupa-rupa pakasaban lianna. Balatak. Sami-sami 'kokoréh' dina barang teu sapira. Nandonkeun sagala keur ngudag-ngudag kawaluyaan, nyiar-nyiar lawang nyinglarkeun impian. Najan beubeunanganna mah asal cukup sahuap. Haruuuh, kagagas..
  22. Maman Damiri: Lur , maleman taun baru sampeur sim uing ka kebon binatang urang milo disko !
  23. Ahmad Yani: @ Ely : Sumuhun .. rupina " Rasa Kamanusiaan " parantos di pundut ku nu kawasa, tina mangjuta-juta hate manusa. heu heu !
  24. Ahmad Yani: @Dadi Arya : Bawi raos sim Kuring,Runtah teh mangrupi barang-barang nu tos teu aya hargana, di piceun di jarauhan, malihanan pangabung ngahaja dipeungpeukan, suapados teu ka angseu bauna. Namung Edas... dina runtah nu sakitu bauna, masih keneh aya tawis kaasih Gusti ka mahlukna , sok sanaos mung tiasa katingal ku jalmi nu leubeut ku rasa syukur . Hatur sewu Nuhun Ang, kana apresiasina !
  25. Ahmad Yani: @ Kang Maman Damiri : Puguh nyeta, sim uing ge tos kumejot, hoyong gera-gera, ngilu ngengklak di kebon Seni !. Tos kasawang pisakumahaeun bungahna, malem taun anyar, di pungkas ku nongton ronggeng !. Panon olohok mata simeuteun, bari baham metet dijejelan ku beuleum jagong . Haduhhhhh .... Insya Alloh , Ua !, urang numpak wahon " Imapala Kenyed " wae, nambut heula ka Neng Yanti S.B, heu heu .... nuju milarian bekelna heula manawi Ua ! he he he !!
  26. Ahmad Yani: @Kang Cecep R Kartiwa : Sapuk ... Ang !, alam tos nyadiakeun mangpirang-pirang elmu, kangge urang sadayana. Bakal salamet kumelendang ngajalanken tetekon mantenna, mung Edas... ningan gogoda teh janten langkung maceuh ngagoda, ku mang rupi-rupi pangbibita !! heu heu heu !
  27. Yanti Sri Budiarti: Impian kawates ku gawir...hiks!
  28. Endah Dinda Jenura: tabe ka pemulung di sakuliah dunya, nun, sae pisan fikminna :)